Notifikasi

28+ Kumpulan Soal SOAL USBN BAHASA SUNDA 2022/2023 dengan Kunci Jawaban

Hai, Apa kabar?.. teman, Di website caktekno.com hari ini 19-Mar-2022 kami menyediakan kumpulan soal, bank soal beserta daftar jawaban/kunci jawaban tentang SOAL USBN BAHASA SUNDA yang sangat lengkap untuk semua jenjang pendidikan sebagai sarana belajar kamu belajar dan mengikuti PTS (Penilaian Tengah Semester)/UTS/Ulangan/Tugas Rumah/PR/Ujian Akhir untuk Kelas di sekolah atau sebagai referensi soal untuk bapak dan ibu guru di sekolah. Soal latihan di website ini disusun secara struktur dan mempermudah siswa mempelajari dan menguasai mata pelajaran pada semester 1 dan 2 2022/2023.

28+ Soal SOAL USBN BAHASA SUNDA 2022/2023 Lengkap



1. Baca paguneman ieu di handap !

Suci : "Ris, kumaha saratna ngajukeun beasiswa prestasi teh?"

Aris : "aya tilu sarat."

Suci : "naon wae, ris?"

Aris : "saratna, peunteun rapot rata-rata 80, kungsi jadi pinunjul pasanggiri dibuktikeun ku piala atawa sertifikat, jeung diidinan ku kolot, dibuktikeun ku surat idin."

Suci : "oh,kitu. Aris rek ngajukeun beasiswa?"

Aris : "nya arek atuh, sugan we di tarima, ari Suci?"

Suci : " abdi ge arek atuh. Bareng nya, Ris, ngajukeun na."

Aris : "hayu."

Naon jejer paguneman di luhur teh?

a. Ngajukeun beasiswa prestasi
[Jawaban Benar]

b. Peunteun rapot alus
[Jawaban Salah]

c. Ngajukeun sertifikat pasanggiri
[Jawaban Salah]

d. Idin miluan pasanggiri
[Jawaban Salah]



2. Baca paguneman ieu di handap !

Suci : "Ris, kumaha saratna ngajukeun beasiswa prestasi teh?"

Aris : "aya tilu sarat."

Suci : "naon wae, ris?"

Aris : "saratna, peunteun rapot rata-rata 80, kungsi jadi pinunjul pasanggiri dibuktikeun ku piala atawa sertifikat, jeung diidinan ku kolot, dibuktikeun ku surat idin."

Suci : "oh,kitu. Aris rek ngajukeun beasiswa?"

Aris : "nya arek atuh, sugan we di tarima, ari Suci?"

Suci : " abdi ge arek atuh. Bareng nya, Ris, ngajukeun na."

Aris : "hayu."

Ragam basa sunda nu dipake ku aris jeung suci dina paguneman diluhur teh basa ...

a. Lemes
[Jawaban Salah]

b. Loma
[Jawaban Benar]

c. Kasar
[Jawaban Salah]

d. Garihal
[Jawaban Salah]



3. "Assalamualaikum...!"

"Waalaikumsalam...!" Waler bu nani, indung Didi bari gura-giru muka panto hareup.

"Nepangkeun abdi sayyid, Bu! Ieu mah punten Deden. Rerencangan Didi di SMP," Ceuk Sayyid rengkuh pisan. "Oh mhun. Mung hapunten Didi nuju teu aya, nuju di bumi ninina.

Kalimah nu nuduhkeun menta hampura dina cutatan di luhur nyaeta...

a. "Bu Nani bari gura-giru muka panto hareup"
[Jawaban Salah]

b. "Mung hapunten Didi nuju teu aya, nuju di bumi ninina"
[Jawaban Benar]

c. "Heunteu atuh, mangga, wae, " waler bu nani.
[Jawaban Salah]

d. "Nepangkeun Abdi Umar, bu!"
[Jawaban Salah]



4. Ieu dihandap jenis-jenis sawer ditilik tina jihat eusina...

a. Sawer orok, sunatan, kawinan, jeung sa'ir
[Jawaban Salah]

b. Sawer orok, sunatan, kawinan, jeung ngistrenan
[Jawaban Benar]

c. Sawer orok, sunatan, kawinan, jeung sisindiran
[Jawaban Salah]

d. Sawer orok, sunatan, ngistrenan, jeung sa'ir
[Jawaban Salah]



5. Nalika upacara nyawer, aya barang-barang laleutik anu diawur-awur ka balarea. Eta teh lambang-lambang. Pilih mana anu merenah?

a. Dahareun leutik saperti permen ngalambangkeun teu kurang cocooan.
[Jawaban Salah]

b. Kembang tujuh rupa ngalambangkeun subur pangan, loba dahareun.
[Jawaban Salah]

c. Beas ngalambangkeun anu disawer alus laku bisa nyeungitan kulawarga ku kalakuanana
[Jawaban Salah]

d. Koneng ngalambangken warna emas, lambang tina kama'muran.
[Jawaban Benar]



6. Dinten Minggu kamari, abdi ameng ka dayeuh sareng pun lanceuk. Téh Tika jenenganana, putra Ema pangageungna, atos kelas dua SMA. Mios ti rorompok tabuh salapan, apan nyeuseuh heula Téh Tikana. Abdi sareng Tétéh mapah heula mapay-mapay jalan alit anu dibeton, raoseun pisan. Teu dugi ka sapuluh menit, anjog ka sisi jalan ageung anu leucir dihotmik. Kandaran tos katawis pasuliwer, motor pangpangna mah. (Diropéa tina Manglé No. 2664)

Eusi téks pangalaman di luhur nyaéta.

a. Téh Tika lanceuk kuring
[Jawaban Salah]

b. leuleumpangan di jalan leucir
[Jawaban Salah]

c. jalan-jalan ka dayeuh
[Jawaban Benar]

d. pasuliwer kandaraan
[Jawaban Salah]



7. Baca cutatan dongéng ieu pikeun ngajawab soal nomer 9 jeung 10!

Usum katiga kawilang panjang, panon poé karasa panas morérét. Jujukutan taya nu jadi, paréang nungtut paraéh. Di hiji rungkun, peucang ngiuhan bangun nu horéam lunta. Geus teu werateun jigana mah kawantu ti isuk can kararaban dahareun. Awakna begang kari kulit jeung tulang. Leumpangna gé geus rarampéolan. Keur uleng mikiran nasibna, teu kanyahoan ti mana jolna, ujug-ujug korosak ajag nyampeurkeun bari babaung Ieu geuning hakaneun aing téh, ceuk ajag. Awas, peucang, manéh ulah boga pikiran lumpat. Ka mana ogé moal burung diberik! pokna deui bari angger babaung.


Kaasup kana jenis dongéng naon cutatan di luhur?

a. babad
[Jawaban Salah]

b. sasakala
[Jawaban Salah]

c. fabel
[Jawaban Benar]

d. parabel
[Jawaban Salah]



8. Latar waktu jeung tempat tina cutatan dongéng di luhur....

a. usum katiga dina handapeun tatangkalan
[Jawaban Salah]

b. usum halodo panjang dina rungkun
[Jawaban Benar]

c. pabeubeurang di hiji tegalan
[Jawaban Salah]

d. pabeubeurang dina deukeut rungkun
[Jawaban Salah]



9. Mana pertélaan anu henteu merenah tina wawaran di luhur?

a. Harga majalah Sunda Buméla naék lantaran harga bahan-bahan naék.
[Jawaban Salah]

b. Harga majalah Sunda Buméla naék tina Rp 12.500,- jadi Rp 15.000,-.
[Jawaban Benar]

c. Harga majalah Sunda Buméla naék ti mimiti Méi 2019.
[Jawaban Salah]

d. Naékna harga téh sangkan majalah bisa mayeng hirup-huripna.
[Jawaban Salah]



10. Ieu di handap, ungkara iklan layanan masarakat ieu eusina pangajak, iwal ....

a. Sing Irit Maké Listrik
[Jawaban Salah]

b. Sing Taat Mayar Pajeg
[Jawaban Salah]

c. Singkahan Narkoba
[Jawaban Benar]

d. Sing Getén Miara Leuweung
[Jawaban Salah]



11. Baca ieu sajak pikeun ngajawab soal nomer 13 jeung 14!


Sawah

Karya: Sayudi

Keprak deui!

keprak deui!

piit ngawih usum sugih

mébér jangjang hirup manjang

Nyai Sri dihias emas

ditiung layung

diampar jagat

Keprak deui

keprak deui

di ranggon émok Si Dénok

bawana parancah tamba

Sieuh manuk mangka euweuh

singlar bégal mangka anggang

sawah kula talang nyawa

maculan di congo gobang

disiraman cai késang

ngabinihan taroh pati

Paré mulus lega dada

haté bapa papak méga

kurulung angklung poé panén


Téma sajak di luhur nyaéta...

a. nyawah anu hasilna mucekil pasti pinuh ku pangorbanan
[Jawaban Salah]

b. usaha patani anu toh-tohan nyawah tepi ka kaala hasilna
[Jawaban Benar]

c. ngarasa bungah lantaran hasil panénna mucekil tina hasil usahana
[Jawaban Salah]

d. ngagunakeun gaya basa répétisi, contona dina ungkara keprak deui
[Jawaban Salah]



12. Amanat anu kaungkab tina sajak di luhur nyaéta....

a. usaha patani anu toh-tohan nyawah tepi ka kaala hasilna
[Jawaban Salah]

b. ngarasa bungah lantaran hasil panénna mucekil tina hasil usahana
[Jawaban Salah]

c. ngagunakeun gaya basa répétisi, contona dina ungkara keprak deui
[Jawaban Salah]

d. nyawah anu hasilna mucekil pasti merlukeun pangorbanan
[Jawaban Benar]



13. Plak-plék-plok mangrupa kecap rajékan trilingga, bener larapna dina kalimah ieu.

a. Mamah nuju plak-plék-plok sasayogian di pawon, apan badé aya tamu.
[Jawaban Salah]

b. Ulah plak-plék-plok atuh mawa motor téh, da jalan téh lain nu sorangan!
[Jawaban Salah]

c. Mani kudu plak-plék-plok ari aya kahayang téh, Ujang mah.
[Jawaban Salah]

d. Euleuh, éta cai mani plak-plék-plok, sing rintih atuh baranggawé téh!
[Jawaban Benar]



14. Mana di antara kalimah ieu anu bener ngalarapkeun kecap rajékan?

a. Tong dar-dér-dor deui atuh kéngéng cape-capé nilepan!
[Jawaban Salah]

b. Sora petasan ti tungtung lembur mani war-wér-wor matak katorékan.
[Jawaban Salah]

c. Jang Muslih gering panas, sapeupeuting hantem wé sasar.
[Jawaban Benar]

d. Kari-kari rék dikamanakeun atuh, lain cicing.
[Jawaban Salah]



15. Hadirin jamaah Jumah rohimakumulloh,

Kalolobaan ti antara urang henteu sadar yÄ—n hirup bakal anggeusan. Lain tatahar pikeun nyorang alam nu bakal datang, ieu mah kalah ka suka bungah kajongjonan babanda keur kasenangan dunya bari jeung henteu nyÄ—sakeun ajang kabagjaan ahÄ—rat (tina: Gapura Basa IX, 2007).

Ungkara di luhur tÄ—h mangrupa bagian … dina hutbah.

a. bubuka
[Jawaban Salah]

b. eusi
[Jawaban Benar]

c. kasimpulan
[Jawaban Salah]

d. pangjajap
[Jawaban Salah]



16. JASA GURU

Abdi tiasa maca

jasana bapa-ibu guru

abdi tiasa nulis

jasana bapa-ibu guru

Abdi tiasa ngétang

jasana bapa-ibu guru

abdi tiasa nembang

jasana bapa-ibu guru

Bapa guru, Pa

Ibu guru, Bu

nu teu weléh ngaping ngageuing

bapa guru ibu guru, ageung jasana

pahlawan abdi sadaya


Nurutkeun rumpaka kawih di luhur, ku jasa guru urang bisa....

a. maca, nulis, jeung ngitung
[Jawaban Salah]

b. maca, ngitung jeung nembang
[Jawaban Salah]

c. maca, nulis, ngitung, jeung nembang
[Jawaban Benar]

d. maca, nulis, jeung nembang
[Jawaban Salah]



17. JASA GURU

Abdi tiasa maca

jasana bapa-ibu guru

abdi tiasa nulis

jasana bapa-ibu guru

Abdi tiasa ngétang

jasana bapa-ibu guru

abdi tiasa nembang

jasana bapa-ibu guru

Bapa guru, Pa

Ibu guru, Bu

nu teu weléh ngaping ngageuing

bapa guru ibu guru, ageung jasana

pahlawan abdi sadaya

Maksud kecap teu weléh dina rumpaka kawih di luhur nyaéta...

a. teu kungsi
[Jawaban Salah]

b. teu eureun
[Jawaban Benar]

c. teu prak
[Jawaban Salah]

d. teu der
[Jawaban Salah]



18. Tembang Cianjuran téh asalna ti Cianjur, ngaran asalna mah mamaos. Dingaranan tembang Cianjuran dina taun 1930-an. Dikukuhkeun dina taun 1962 dina kagiatan Musawarah Tembang Sunda Sapasundan di Bandung. Fungsi asalna mangrupa hiburan jeung média silaturahmi di antara paraménak. Kiwari tembang Cianjuran geus jadi seni hiburan komérsial. Dipintonkeun dina rupa-rupa acara tur dirékam kalawan profésional. (diropéa tina su.wikipedia.org)


Nurutkeun cutatan artikel di luhur, awalna, fungsi tembang Cianjuran téh pikeun....

a. hiburan jeung média silaturahmi warga Cianjur
[Jawaban Salah]

b. hiburan jeung komoditi dagangkeuneun
[Jawaban Salah]

c. hiburan jeung média silaturahmi di antara paraménak
[Jawaban Benar]

d. komoditi dagangkeuneun jeung média hiburan.
[Jawaban Salah]



19. Mijil

Sipat jalma adat masing-masing

nu rajin nu getol

nu balabah soméah daréhdéh

wijaksana tulatén gumati

lantip amis budi

ampuh lungguh timpuh


Itung jeung tangtukeun guru wilangan katut guru laguna!

a. 10é, 6o, 10é, 10i, 6i 6u
[Jawaban Salah]

b. 10i, 6o, 10é, 10i, 6i 6u
[Jawaban Benar]

c. 10i, 6i, 10é, 10i, 6i 6u
[Jawaban Salah]

d. 10i, 6o, 10o, 10i, 6i 6u
[Jawaban Salah]



20. Mijil

Sipat jalma adat masing-masing

nu rajin nu getol

nu balabah soméah daréhdéh

wijaksana tulatén gumati

lantip amis budi

ampuh lungguh timpuh

Kecap balabah dina cutatan guguritan di luhur hartina....

a. henteu centil, teu gampang dioconan
[Jawaban Salah]

b. daria (serius) dina ngalaksanakeun tugas
[Jawaban Salah]

c. bisa mutuskeun pasualan ku sorangan
[Jawaban Salah]

d. resep barangbéré, henteu pelit
[Jawaban Benar]



21. Réngsé kabandungan biantara laporan pupuhu panatacalagara, hatur nuhun. Sumangga ayeuna urang bandungan biantara pamapag ti Bapa Kapala SMPN 1 Camperenik. Pangersa, sumangga dihaturanan!

Tina ungkara di luhur, katitén, tugas panata acara di antarana....

a. muka acara.
[Jawaban Salah]

b. nyambungkeun runtuyan acara
[Jawaban Benar]

c. nutup acara.
[Jawaban Salah]

d. ngaramékeun acara.
[Jawaban Salah]



22. Waktos abdi ngasongkeun artos 10 rébu kanggo nyumbang kulawarga Ani nu pupus, Pa Guru teu langsung nampi, malah anjeunna neuteup. Réréncangan sakelas gé arolohok.

Ieu téh enya rék nyumbang 10 rébu,Win ? Pa Guru naros.

Muhun, waler abdi.

Gedé-gedé teuing! Pa Guru sapertos nu teu percanten. Atuda réréncangan mah paling ageung nyumbang sarébu.

Wios, da nuju gaduh!

Nya, ari kitu onaman, saurna, bari nampi artosna.

Hébat euy, Si Wini loba duitna! ceuk Feri.

Bapana ogé tuda kapala bank, ceuk Tini.

Enya,Win? Santi nu diuk gigireun nanya.

Abdi unggeuk. Mani asa rebéh irung.

(Diropéa tina carpon Sumbangan karya Winny Aisyah, Mangle Alit No 881)


Palaku dina cutatan carita pondok di luhur nyaéta....

a. Wini, Pa Guru, Féri, Santi, Didi, jeung babaturan sakelas Wini.

Wini, Pa Guru, Féri, Abdi, Tini, jeung babaturan sakelas Wini.
[Jawaban Salah]

b. Wini, Pa Guru, Féri, Abdi, Tini, jeung babaturan sakelas Wini.
[Jawaban Salah]

c. Wini, Pa Guru, Féri, Santi, Tini, jeung babaturan sakelas Wini.
[Jawaban Benar]

d. Wini, Pa Guru, Féri, Santi, Ani, jeung babaturan sakelas Wini.
[Jawaban Salah]



23. Watek Wini dina cutatan carita pondok di luhur téh....

a. béréhan
[Jawaban Salah]

b. bageur
[Jawaban Salah]

c. pupujieun
[Jawaban Benar]

d. teu pedit
[Jawaban Salah]



24. Pasanggiri pupuh diayakeun kalawan tujuan miara jeung ngarumat budaya warisan luluhur malar dipikacinta ku generasi ngora. Lian ti éta, ieu kagiatan geus jadi program rutin dina rarancang gawé kapangurusan OSIS Periode 2018-2019.

Téks di luhur téh cutatan laporan kagiatan bagian....

a. bubuka
[Jawaban Salah]

b. tujuan
[Jawaban Benar]

c. waragad
[Jawaban Salah]

d. waragad
[Jawaban Salah]



25. Pasanggiri pupuh diayakeun kalawan tujuan miara jeung ngarumat budaya warisan luluhur malar dipikacinta ku generasi ngora. Lian ti éta, ieu kagiatan geus jadi program rutin dina rarancang gawé kapangurusan OSIS Periode 2018-2019.

Téks di luhur téh cutatan laporan kagiatan bagian....

a. bubuka
[Jawaban Salah]

b. tujuan
[Jawaban Benar]

c. waragad
[Jawaban Salah]

d. waragad
[Jawaban Salah]



26. Méméh miang, murid-murid dikumpulkeun heula di lapangan sakola. Diabsén saurang-saurang ku guru pangaping dina kelompokna masing-masing. Bérés ngabsén guru ngawawadian sangkan para murid taat kana aturan. Dipahing cecelengcengan misah tina rombongan. Kalengkepan dipariksa hiji-hiji, bisi aya anu tinggaleun. Gemet pisan papariksana. Ditanya deuih aya nu gering atawa henteuna. Munasabah sabab rék lalampahan jauh.

Téks di luhur téh cutatan laporan lalampahan bagian....

Mulang ka tempat asal.

satepina ka tempat tujuan.

di perjalanan miang.

di tempat asal méméh miang.

a. Mulang ka tempat asal.
[Jawaban Salah]

b. satepina ka tempat tujuan.
[Jawaban Salah]

c. di perjalanan miang.
[Jawaban Salah]

d. di tempat asal méméh miang.
[Jawaban Benar]



27. Méméh miang, murid-murid dikumpulkeun heula di lapangan sakola. Diabsén saurang-saurang ku guru pangaping dina kelompokna masing-masing. Bérés ngabsén guru ngawawadian sangkan para murid taat kana aturan. Dipahing cecelengcengan misah tina rombongan. Kalengkepan dipariksa hiji-hiji, bisi aya anu tinggaleun. Gemet pisan papariksana. Ditanya deuih aya nu gering atawa henteuna. Munasabah sabab rék lalampahan jauh.

Dina cutatan téks di luhur aya kecap-kecap: ngawawadian, gemet, jeung munasabah, naon hartina?

a. Mapatahan, taliti, ngadua babarengan
[Jawaban Salah]

b. Merhatikeun, taliti, pantes rék kitu gé.
[Jawaban Salah]

c. Mapatahan, taliti, pantes rék kitu gé
[Jawaban Benar]

d. Merhatikeun, taliti, ngadua babarengan
[Jawaban Salah]



28. Titénan ieu wincikan!

Nu nyaritana saurang

Pamiarsana lobaan

Aya hadiah anu dibagikeun

Komunikasi saarah/sajalan

Aya informasi anu ditepikeun

Anu kaasup kana ciri-ciri umum biantara nyaéta....

a. 1, 2, 3, jeung 4
[Jawaban Salah]

b. 2, 3, 4, jeung 5
[Jawaban Salah]

c. 1, 3, 4, jeung 5
[Jawaban Salah]

d. 1, 2, 4, jeung 5
[Jawaban Benar]



29. Anu biantara téh katémbong ngaluarkeun keretas sacewir tina saku jasna. Terus ngong biantara. Sakali-kalieun éta keretas sacewir ditingali. Biantara kitu pandéna kaasup kana biantara padika....

a. maca naskah
[Jawaban Salah]

b. ngapalkeun
[Jawaban Salah]

c. ékstémporan
[Jawaban Benar]

d. ngadadak
[Jawaban Salah]



30. Tengetan wincikan ieu di handap!

Volumeu sora kudu cukup kakuping ku pamiarsa

Artikulasi kudu merenah

Gerak leungeun kudu angger: ka luhur, ka handap piligenti

Témpo nyarita kudu merenah; ulah gancang teuing ulah alon teuing

Randegan kudu merenah, ulah eureun sakarepna.

Awak ulah cicing waé, kudu bagerak maju-mundur

Tina wincikan di luhur, hal-hal anu kudu diperhatikeun nalika biantara dituduhkeun ku nomer....

a. 1, 2, 4, jeung 5
[Jawaban Benar]

b. 1, 2, 3, jeung 4
[Jawaban Salah]

c. 1, 2, 5, jeung 6
[Jawaban Salah]

d. 2, 3, 4, jeung 6
[Jawaban Salah]



Demikian Kumpulan Soal SOAL USBN BAHASA SUNDA 2022/2023 dengan Kunci Jawaban, Semoga bermanfaat

Kelas Kumpulan Soal Pendidikan
Gabung dalam percakapan
Posting Komentar
komentar teratas
Terbaru dulu
Daftar Isi
Tautan berhasil disalin.